Tuesday 22 December 2015

Indung

Rumaos reueus kana kanyaah nu tos dibuktoskeun ku waktos. Kapungkur anjeun mung ukur carios badé mikanyaah salamina, nyatana éta jangji nu teu pernah jalir. Tipayun ukur goar ceurik abdi nu tétéla mecahkeun jemplingna wengi. Nelasan tibrana saré ngoréjat mupulan kasadar nyingkirkeun tebih kaambek. Nyingkabkeun kanyaah jeung ngusapan nu pinuh ku kageugeut sareng kaasih.
Soca nu masih satengah beunta ngalilirkeun salirana nu ngaronjat tilam nu jibreg ku ompol. Ngagentos lalaunan bari ngusapan pikeun nyecep abdi sina saré jeung teu ceurik deui. Teu aya bendu kadangu atanapi tepak bari ngacaprak nu unggal dinten ku abdi pilampah.
Kasayogi dahareun nu aya payuneun soca na éta ogé buah ngésang payuneun parapian. Can kungsi sahuap lebet ka baham anjeunna malah dihuapkeun heula ka abdi nu ngan ukur tanggeluk bari ningalikeun. Na prinsipna wios lapar teu dahar padu ulah anak nu ngaraoskeun, sawios nyurucud késang hareudang tapi raos bagja ningal anak senang teu hariwang.
Waktos tos lami gentos, tanagi nu rosa baréto teu deui maturan salirana. Nanging kanyaah teu pernah leungit ti lebet manahna. Kabagjaan abdi tetep dinunuhun ku anjeunna ka nu maha welas asih, disarengan ku cipanon nu ngalémbéréh nandakeun katulusan nu teu pernah leungit tina haté sucina.

Dinten ieu kalimah Selamat Hari Ibu ngantay minuhan lini masa media sosial. Sanaos ukur aya hiji dinten keur indung, mugia teras aya hiji kanyaah abdi nu sanaos sederhana nanging tiasa katampi lahir sinareng batin salamina.

No comments:

Post a Comment