Monday 19 September 2016

Galécok Abah Ujang

Abah : Jang.. ulah léléngohan baé manéh cing geura néangan pipamajikaneun kaditu ambéh aya nu ngarawat... mun nyeri cangkéng aya nu ngurutan, mun hayang madang aya nu ngaulaan nu penting mun silaing léhoan aya nu nyusutan.

Ujang : Bah, ulah mapatahan baé.. cing geura bantu ku do'a sukur-sukur bantuan modal kawinna, ambeh Abah téréh ningal kuring bagja jeung Abah gé bakal tenang mulih ka rahmatullahna. Ulah hawatir unggal malem jum'at ku kuring kiriman dodol jang Abah ngan ngirimanna ka masjid ké ditukeuran ku Yasin ti para jamaah.

Abah : Ai sia nyuruh aing paéh jang !!!?

Ujang : Sakitu baé ngambek bah. Kuring kadang kapeung sok paéh pikir tapi anteng-anteng baé.. labil ah si Abah mah.
Ngan sanajan léléngohan gé ari pipikiran mah koloteun bah, nya éta kuring can kawin téh sabab mikiran kumaha nu janten pamajikan ngké na mun kuring sering huleng jentul.. badé dijejelan naon patuangannana. Sing sanaos kitu haté urang mah teu cicing manteng ka nu maha kawasa sugan jodo kuring téh NATASYA WILONA.

Abah : Ngimpi sia kujang !!? Geura sibeungeut kaditu !