Showing posts with label Carita Sunda. Show all posts
Showing posts with label Carita Sunda. Show all posts

Tuesday, 27 October 2015

Papantunan

Gogonjakan asa nu atoh
Teu asa nyeri wios disintreuk
Sosonoan siga tos wanoh
Teu lami beuteung jadi bucitreuk

Maraban hayam pinggireun walungan
Mulungan boléd pinggireun galengan
Mun rasa sedih dirasa ku sorangan
Mun rasa bagja loba nu hoyong marengan

Ceurik kolot anak keuna n*rkoba
Nanggung dengda duit teu loba
Ceunah hirup mah loba cocoba
Nanging teu resep mun teu nyoba-nyoba

Bongan teu daék nandangan kapeurih
Mun dahar combro kalah nyeri huntu
Bungah mitoha meunang minantu sugih
Mun hayang sendal dipangmeulikeun sapatu

Sawios wengi sering gulang-guling
Teu rasa watir mun calana pageuh kancing
Sanaos hirup kuring loba cicing
Teu téga manah mun ningal anjeun gering

Tongtolang nangka ngalayah ti peuting
Rasa hariwang tangkal teu bisa buahan
Teu sangka nu geulis mikanyaah kuring
Asa kagunturan madu kaurugan menyan

Lomari rubuh beurit lalumpatan
Di santrok méong nepi ka utah
Kamari potrét manéhna dipiguraan
Ayeuna tos ngeusian wadah runtah

Dahareun loba di tuang teu séép
Ngeureunan heula sangkan bisa ambekan
Mikahayang jajaka nu kasép
Ngan hanjakal meunang duda béwokan

Dimana ngeunah sok asa kabita
Ditingalikeun baé sok sieun bisi kagoda
Ditanya ceunah anjeun teu cinta
Ditinggalkeun embung sieun jadi rangda

Monday, 26 October 2015

Meungpeung Cikopi Amis Kéneh

Katémbong ti katebihan aya nu ungkul-ungkulan ngadeukeutan, kalangkang nu leuwih jangkung badag miheulaan ti aslina. Wanci Sonten nu éntrés layung mayungan langit ti beulah kulon.
Teu lami kataksir eta jalmi nu biasa ngeusian cai kopi mun sempet mampir di saungna.
" eh, ki Saba bubujengan teuing badé kamana? " taros abdi bari nyium pananganna.
" ieu jang, aki mah teu keur gura-giru da biasana ogé leumpang aki mah siga kieu, ngan tadi aki inget ka manéh jang naha geuning teu sok ampiran deui ka saung aki " waler aki Saba
" aduh.. kumaha nya ki, abdi téh ayeuna teu damel deui di kang Ibro, janten abdi jarang ngalangkung ka saung aki "
" nya éta gé aki kungsi nanya ka si Ibro ceunah jang Acép ayeuna téh geus pindah pagawéanna ngan teuing kamana. " saur aki Saba negeskeun
" Aki mah ngan karunya ka si Enci incu aki nu sok biasa maturan aki di saung kopi, ayeuna paromannana bet asa teu siga biasana jang, teu béhbar jeung sakapeung baé maturan aki di saung téh. " saur ki Saba bari semu nu sedih.
" kunaon Enci , Udur kitu? " taros abdi.
" Aki mah teu apal nu pasti na mah, ngan sering pisan manéhna nanaros baé anjeun jang. Ayeuna aki hoyong terang aya naon antara manéh sareng incu aki? " tandes si aki.
" Saleresna mah teu aya naon-naon antara abdi sareng Enci, mung ayeuna abdi hoyong balaka ka aki rumaos gaduh duriat ka Enci, mung teu acan pareng didugikeun ka Enci " waler abdi.
" Jadi kitu nya jang.. atuh aki mah bungah anjeun ngomong kitu jang, geura caritakeun baé ka si Enci na.. aki mah nyatujuan mun enya manéh miharep ka incu aki "
" aki apal sipat anjeun, aki apal sipat na incu aki saruana kalem.. ngan ari duriat teu ukur cukup wakca na panon. Hanjakal nu taya bandingna saumpama duanana boga gerentes kanyaah nu teu kungsi di kedalkeun sampé ka pisah teu kungsi ngahiji.